Senin, 29 Oktober 2018

My Bias

Jeon Jung-kook
180524 Jungkook at a press conference for Love Yourself Tear (1).png
Nama asal전정국
LahirJeon Jung-kook
1 September 1997(umur 21)
BusanKorea Selatan
Tempat tinggalHannam-dongSeoulKorea Selatan[1]
PekerjaanPenyanyipenari, dan produser rekaman
Karier musik
GenreK-PopHip-hopR&BRockBallad
InstrumenVokal
Tahun aktif2013 - sekarang
LabelBig Hit Entertainment
Artis terkaitBangtan Boys
Nama Korea
Hangeul전정국
Hanja
Alih Aksara yang DisempurnakanJeon Jeong-guk
McCune–ReischauerChŏn Jŏng-guk
Tanda tangan
Signature of BTS' Jungkook.png



Jungkook
Jimin BTS Berikan Hadiah Ulang Tahun Jungkook Tas Seharga Hampir Rp 50 Juta






yoongi(suga)








jungkook
Aww! Lucunya Jungkook BTS, Wajahnya Jadi Makin Terlihat Imut saat Tidur!

novel sunda




HALIMUN PEUTING
Judul buku      : Halimun Peting
Pangarang       :  Iskandarwassid
Panerbit           : Grimukti Pusaka
Taun terbit       : 1973

Ringkesan
Si Kardana teh rek balik ka lembur tapi manehanana teh sieun dijalan. Sabab ka eta lembur teh jauh jeung imahna teh ngan saukur  lima genep suhunan. Manehna lempang sorangan mipir gawir nyorang kebon jagong dina simpena peuting keur lempang sorangan geus rek deukeut ka lmburna aya anu nghaleuang sora beuluk ti kajauhan hawa-hawar kasaur ku angin peuting. Ngalaeu meulang meulung meulas meulis kawas nu hayang dibaturan. Keeung.
Kardana sirikna teu dengdek-dengdek wae ngadedengekeun sora anu ngahaleuang asa apal sorana bari manehna ratug angenna asa inget deui ka jaman katukang waktu manehna diwiwirang di bale desa ku kulisi desa nu ngaran Sasmita.  Ari dina hete mah rek niat balas dendam tapi dipikr dibulak balik lamun ngalajur napsu pasti manehna moal papanggih jeung anakna mangkaning ka lemburna teh  geus deukeut atuh ari geus gerentes kitu ma dina hatena manehna rada kaubaran geus teu napsa deui ka si Sasmita teh.
Geus kitu mah manehna teu rengkag-rengkog deui dijalan beuki deukeut ka lembur beungeut budakna kokolebatan wae meni geus hayang pajonghok geus hayang nempo rupa budak. Meren geus gede ayeuna mah budak teh geus sakitu lilana ditinggalkeun eta gara-gara pamajikan digadabah ku si Kardayat. Mun teu diteunggelan mah si Kardayat moal bet ngalaman dipenjara malah nepi kasambangankeun.
Beuki lila beki deukeut ka imahna. Bari jeung pinuh ku lamunan jeung ratug angeun geuning bet nincak deui lembur sorangan geus sakitu lilana ditinggalkeun, geus anjog ka imahna terus ngetrokan panto bai ngagoroan indungna. Bray panto dibuka ku indungna. Indungna reuwaseun bari bungah “gening ujang”
“Enya ma abdi”
Indungna ceurik bungah bari paungku-ungku geus sakitu lilana teu panggih tuluy manehna empo ka kamar kateempo budakna keur sare tibra. Tuluy disamperkeun.
“Keun ujang, budak teh karek rep” cek emana
Ti sore budak teh merenyeng wae atuh manehna teh cicing malah tina jeuro kantong aya anu dikaluarkeun: sapatu, baju sasetel jang budakna. Tukuy budakna diusapan bari pokna ngomong “Ma, budak teh rek dibawa ku abdi”
indungna reuwaseun “Rek dibawa kamana ujang”
“Rek dibawa ka kota. Da dilembur mah bisi panggih jeung indungna, si Atikah. Karunya ka budak engke geus gedena nyahoeun lampah indungna kawas kitu, ari jauh mah budak oge pasti pohoeun ka indungna sabab moal panggih”
Geus ngobrol ngarer ngidul jeung indungna teu karasa waktu teh geus janari leutik. Kardana ngarawu budakna dibaguded ku simbut bisi tirisin di jalan. Nempo kitu teh indungna ceurik da manehna ge nyaah ka incu. Tai Kardana tuluy turun ti imah. Ngebat lempang.
Ditegah jalan budak teh hudang pas lilir budakna nanya “Ari ieu bapa?”
“Enya, ucu”
“Bapa, ari bapa nyaba teh meni lami-lami teuing. Mia mah hoyong uih ka bumi urang deui, alim di bumi nini. Dibumi nini mah bapa teu aya mamah teu aya. Mia mah hoyong ngumpul deui di bumi Mia ameh bobona sareng mamah sareng bapa”





Sempalan :

Gedig, gedig, bray rada caang deui.plong weh pikiranana ngemplong, bari ngalepas ambekan. Ngalengkahna beuki kerep. Solendang tasna digilirkeun kana taktak beulah katuhu, bari dicekel, ngarah teu ngagokan lengkah.
Geus moal manggih deui lembur ayeuna mah. Leumpang dangah ge moal sieun kaciri ringkang da kenca-katuhueun teh poek ku kebon jagong. Kadangkala paselang jeun huma, kebon hiris, sampeu atawa kebon jeruk. Turug-turug panon teh moal lepas awas, ukur bisa wewelasan lengkah, da halimun teh beuki kandel, ka lengkob ku mumunggang.
Tapi palebah tangkal randu ma manehna teh bangun ngarengkog deui. Curinghak. Lengkahna diancaan, malah tungtuna mah tuluy ngarandeg. Ti kajauhan kadenge sora nu beluk, hawar-hawar. Sorana kendor tarikan, kasawur ku angin peuting. Ngalaeu, melang-melung, melas-melis kawas hayang dibaturan keueung.
Kardana sirikna teu dengdek-dengdek wae ngadengdengekeunana teh, bangun hayang teges ka nu boga sora. Geus apaleun mah manehna teh meni ngereketek . Jul-jol lalakon bareto, nyeuit-nyeuit deui kanyenyerianana. Hate ngenes nu geus pepes, ngadak-ngadak ruhay deui. Leungeunna ngayap ngarampaan tasna. Porost cantelna dibuka hiji, tuluy dikodok. Lol hulu belati, disarungan ku perelak bodas. Geus dipaut tuluy diselapkeun kana cangkengna, jeroeun kameja.
“jadi ayeuna mah!” seuk gerentes hatena. “Moal deui dipangejatkeun. Teupanasaran aing nepi ka kudu ngajolor dijalan ge ari pada-pada di kencar mah!”
Teu mencog sangkaanana, memang enya Sasmita nu keur ngaleu beluk teh. Kulisi desa. Matuh saban peuting ana ngontrol teh manehna mah sok ngelemet. Ana pareng bijil bulan, nya kitu sok bari hahaleuangan. Geus apaleun sarera ge. Tayohna liar peuting teh ari dibarengan caang bulan mah sok nyiptakeun alam lamunan. Bangun mawa waas, mawa kelar. Ngamplang sagara katineung. Rusras kana laku lampah diri. Lalakon bareto asa kamari, baheula asa ayeuna, saliwa-saliwat jiga dina pangimpian. Nenjo langit ngalanglaung, alam teu tinemu tungtung, kuciplak mulang ka diri. Malikan lampah kamari. Boa enya boa lain. Hirup ukur wawayangan. Ana umut tinemutungtung: jog ajog ka bele pulang, ngalalakon tanceb kayon, carita kanu tulisna, carita kari tulisna. Cacap raga, kari kalangkang.
Sasmita ge nya kitu celak-celukna teh. Melas-melis bangun kahudang ku guguritan. Cenah ”...hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho dimangsa...”
Beuki peuting sorana  sok beuki peuyeuh .
Ari ayeuna melang-melungna teh tereh ngarubuhkeun, kari tilu padalisan deui “...ana kasasar nya lampah, napsu nu matak kaduhung, badan anu katempuhan.”
Karakara ge maju tilu lengkah Kardana teh geus ngarengkog deui, bangun madeg mayong. Napsu nu geus mimiti hurung ngadak-ngadak lempes deui. Kawas aya panoel nu gaib nitah mulak-malik mikir. Bisina terus narutus, kausap pangajak setan.
Enya ari enyana mah manehna kungsi meunang kateungeunah ku kulisi desa teh. Bareto teh basa Kardana geus ditambalung ku reserseu, Sasmita kungi nyacampahan bebeakan, bari nunjuk-nunjuk hareupeun jalama rea dibale desa. Pokna, “Sia teh rek ngacowkeun daerah aing? Sia teh rek ngajago? Hayang ngajajal si Sasmita? Sok! Ku aing moal burung ditande”.
Caritaan kitu ninggang kana hate nu keur meujeuhna digerihan, nya puguh teurak pisan. Da harita, pangna Kardana luas mahala jelema ge taya lian tariking ku nyeri, pedah boga pamajikan nu sakituna dipideudeuhna  kasampak keur digadabah batur.
Tapi da eta mah bareto. Ayeuna mah Kardana teh loba deui ras-rasna. Ras ka ditu ras ka diri sorangan. Mun tea mah peuting ieu Sasmita kudu bobor karahayon, sok tada teuing anak-anakna. Mangkaning sagenep-genep, turta laleutik keneh. Pantesna teh reang careurik, nenjo bapana digararotong geus jadi layon. Sabalikna, mun manehna nu ninggang di apes. Atuh sasat jauh-jauh panjang gagang. Pangna daek ngulampreng nincak deui lemburna ge apan tariking ku hayang tepung jeung nu jadi anak. Hayang ngarawu, hayang mangku, tina sakitu kalilaan dipangbuangan teu bisa nyacapkeun kasono. Kari-kari ayeuna, sasat kari sagokeun hayoh rek kaolo lu panggosok setan.
Ingetan kitu nu ngalantarankeun manehna mandeg mayong tehl malah geus katingali pengkolan mah manehna teh sup ka jero kebon, nyalingker tukangeun tangkal muncang.ceuk ijiranana diteruskeun mah moal henteu geus tangtu amprok jeung Sasmita teh. Panonna seukeut ka palebah pidatangeun nu rek liwah.
Nya bener itunganana teh, da teu kungsi lila jebul Sasmita ti beulah ditu. Make baju sarwa hideung. Iketna dibudedkeun, nuruban daun ceuli. Teu sidik beungeutna mah da puguh haleungheum. Ngan bedogna we nu kaciri teh, mani ngangsar.
Jeung kawas n geus terus karasa manehna teh. Leumpangna beuki lila beuki ngendoran, luak-lieuk ngenca-ngatuhu, siga nu sieun kabongohan. Malah tuluyna mah reg eureun di pengkolan pisan. Hulang-huleung rada lila, bangun bari mikir, naha mending tuluy mudun, ka kidul atawa mending mengkol nyimpang ka lembur  Lebaksaat.
Nya mengkol tulusna mah. Ungkuy-ungkuy, les lengit kahalangan pager hirup. Teu kungsi lila ngong deui kadenge ngahaleuang lagu liwung. Melas-melis. Tayohna ngarah nu tarunggu hui beulahh ditu kahudangkeun. Rek milu siduru, bari nyoro bubuy boled.
Kardana gancang kaluar tina panyalingkeranana. Teu rengkag teu rengkog ayeuna mah leumpangna teh. Ngungkung cepet ngaler. Anakna geus kokolebatan wae. Hatena mah geus miheulaan nepi. Ngarawu mangku, ngagalentor anakna nu keur meujeuhns cooeun. Nu diburu-buru teh imah indungna. Tapi ari geus nepi manehna teh kalah tuluy ngajanteng diburuan. Ngahuleng pirang-pirang lila. Titingalianan asa sagala geus robah. Bangun anjog kalembur anyar pinanggih , sarta bingung nya pilampaheun.
Kakarasaeunana asa narikolot. Reup manehna peureum. Cipanonna murubut teu kaampeuh. Batin batinna mahsasambat ka Nu Ngayuga, awor jeung rasa bungah, dikadarkeun bisa deu nincak bali geusanna ngajadi buruan pangabetah pangulinan tibubudak.
“Ma! Ma!” pokna haroshos, bari ngetrokan panto lalaunan. Kulutrak. Bray panto muka. Breh paeunteng-eunteung.
“Ya Allah! Anak aing! Anak Ema!” indungna mehmeh ngajerit, bari ngagabruk. Kardanga dipuntel bari diceungceurikan.
“Ujang! Anaking! Anak Ema!” pokna, pok deui pok deui, kawas nu eweh deui pikecapeun.
Kardana ngarumpuyuk. Sampoyong, brek diuk dina korsi,nsatengah meubeutkeun maneh. Ngeluk bari ngarahuh. Indungna ge prek tapak deku, kunyam-kunyem, acong-acongan nyembah ka Gusti bari tipepereket mengkek piceurikeun. Karepna mah hayang aluk-alukan ngarah puas, tariking kunyeri pabaur jeung rasa bungah. Tapi kapikireun, mun kitu teh kuriak matak gareuwah ka tatangga. Da ngadenge nu jejeritan tengah peuting mah tada teuing guyurna, salembur. Kardana ngarahuh deui. Ngaheruk. Bangun cape kabina-bina. Tapi barang ngadenge sora nu lilir ti kamar manehna teges mani ngaranjug. Jug nangtung, srelek nyingraykeun hordeng. Beh anakna keur sare bangun tibra. Rek dirawu, kaburu dihulag kuindungna.
“Keun lanan jang” pokna ngaharewos. “Karunya, kakara reup pisan. Ti sore keneh rungsing wae, teu puguh kahayangna”.
Kardana nguat-mguat maneh, tungtungna gek diuk tunjangeun anakna. Pek budak teh diteuteup. Mani camihmil. Parangina marahmay, bangun nu keur genah hate.
“Deudeuh teuing, geulis” pokna dumareda, “ieu apa datang, cu. Moal ayeuna mah, ku apa moal ditinggal-tinggalkeun deui”
Pek embun-embunna diusapan. Belenyeh budak teh imut, bari tuluy leungeunna dicaplangkeun, nyekeul guguling kenca katuhu, kawas nu ulah dipisahkeun. Bray lampu ditengah imah digedean. Indungna katempo barintit keneh. Kardana ge can pulang deui dayana, diuk nyangsayangan bari ngaheneng. Sor diasongan citeh tiis.
“Asa moal manggih deuisiksaan nu leuwih beurat batan kudu papisah jeung anak. Manteng we paneda teh beurang peuting. Sok sieun dikadarkeun bobor karahayon di pangbuangan. Ceuk ingetan teh, mati-mati pondok umur ge hayang dipareungkeun bisa tepung hela jeung nu jadi anak. Ayeuna diijabah..”
“Ema mah ngahelasana teh arinningali budak pareng keur diuk ditepas, sore-sore. Ngalangeu weh, cara budak gede, bangun nu jararauh panineungan. Pantesna teh nalangsa, asa teu tuah teu dosa ngadon pada naringgalkeun. Ku indung dijauhan, ngarep-ngarep bapa teu wae datang, teu beda ti budak pahatulalis. Mun kaltingali kitu teh ku ema sok gancang dirawu, dibangpalerkeun”
“nya indungna nu haramjadah tea mah” omong Kardana rada nyereng.
“Enya, memang salah indungna tapi budak mah da puguh budak, teu nyaho nanaon, ana pareng inget mah kekeh we sok nanyakeun indungna”
“Nyaeta sabisa-bisa mah ulah, Ma! Ulah nepi ka aya pijalaneun inget ka indung”
__
“Kuring mah lain nanaon, nyaram ditepungan teh nyaeta ngingetkeun tikahareupeun nu jadi anak, mangkaning budak teh awewe, geura, sok tada teuing eraeunana mun jaga teh pareng Mia geus sawawa-cew aya beja ka emper-emper, yen pangna kolotna pepegatan teh bareto cenah meren, pedah indungna kitu-kitu jeung si anu pisakumahaeun teuing ngarakacakna hate nu jadi anak, nanggung wirang saumur-umur alatan parbuatan indungna, piraku teu hareudang hate kuring, nu matak taya deui jalan iwal ti kudu dissapih, ulah nepi kanyaho di rupa indung”
Indung Kardana ngaranjug deui ngadenge carita kitu teh teu nyangkaeun anakna bakal matok dina gurat batu. Tapi ari pokna mah ”Sukur atuh hidep geus ngenteung ka hareup mah, ema moal kudu hese papatah” Kardana unggeuk.
“Ema mah peupeujeuh teh, Kar, poma hideup ding rikip nyamunikeun rahasiah, mangka wijaksana nyaritana, da najan diulah-ulah ge sakali mangsa mah manehna tinangtu bakal nalengteng nanyakeun indung, sarebu kali dipinding-pinding sarebu kali dibuni-buni awal ahir mah tinangtu tepung, da puguh aya pari basa pancuran mah tara poho ka tampian, tah lebah dieuna mangk wijaksana diurangna”
“Nya eta nu matak rek dibawa ge”
“Dibawa?”
Indung Kardana kaciri ngagebeugna. “Enya, rek dibawa”
Da saenggeus ngagayuh ka janari mah regeyeng we budak nu keur tibra sare teh dirawu ku Kardana, awakna dibuleun kusimbut kandeul.
“Bissmillah”
“Do’akeun ma” omong Kardana.
Jrut kaburuan, Kardana ngungkug sajeroning mudun, leungeunna nu kenca dipake nahan tonggong anakna, bisi ngalenggak teu katande, tapi lila-lila mah budak teh lilir, ret kana beunget bapana neges-neges.
“Apa, cu” omong Kardana ngok dicium. Leungen budak teh tuluy meulit kana beuheung bapana bangun nu pohara sonoeun.
“Mia alim dikantunkeun” omongna bari neuteup,
“Moal geulis”
Budak teh ngagelehe kana taktak bapana, ngaremesan kameja, bangun sugema.
“Naha apa nangis?” pokna halimpu.
Kardana sirikna teu ngarumpuyuk, budak teh ditangkeup bari digarentor, anakna ge malik nangkeup, bari nyusup, pokna,
“Mia ge nyaah ka apa, ka mamah ge nyaah...”

Senin, 22 Oktober 2018

Hallo~~~

Haiiii teman teman
 Nama saya ayu febianti ini postingan pertamaku,aku seorang kpopers bias aku jungkook.Jika kalian seorang kpopers kalian pasti tau siapa itu jungkook.Selain jungkook aku juga suka sama suga yang sedingin es seputih susu semanis gula.

 ssgitu dulu yaaaa pay pay~~~~~~

My Bias

Jeon Jung-kook Nama asal 전정국 Lahir Jeon Jung-kook 1 September   1997 (umur 21) Busan ,  Korea Selatan Tempat tinggal Hannam-dong ,  S...